Para Petinggi Oi Pertiwi

PARA PETINGGI Oi PERTIWI

Angga Taufik ( Perintis ) Melanjutkan Pendidikan Di Universitas Siliwangi Tasikmalaya
Cudey Pancasona ( Angkatan I ) Melanjutkan Pendidikan Di STIE STEMBI Bandung / Bandung Bussines School
Achmad Sidik Permana ( Angkatan II ) Melanjutkan Pendidikan Di Universitas Pendidikan Tasikmalaya
Aris Nurrahman ( Angkatan III ) Melanjutkan Pendidikan Di Politehnik Kesehatan Tasikmalaya
Galih Guntara ( Angkatan IV ) Melanjutkan Pendidikan Di Universitas Pendidikan Bandung
Muhammad Eki Ramdani ( Angkatan V ) Melanjutkan Pendidikan Di Universitas Siliwangi Tasikmalaya
Imam Pirmanda ( Angkatan VI ) Melanjutkan Pendidikan Di STIKES MUHAMADIAH Tasikmalaya
Dzwiky Khermawan ( Angkatan VII ) Melanjutkan Pendidikan Di Sekolah Kemiliteran Palembang
Bima Sakti Bintang Perkasa ( Angkatan VIII ) Melanjutkan Pendidikan Di Universitas Pendidikan Indonesia Tasikmalaya Jurusan Matematika
Lucky Herdiansyah (Angkatan IX)

Selasa, 27 Juli 2010

SAHA ARI URANG SUNDA??

1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA

Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu



hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna).

Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu
SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT
(Jamang=baju).


2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA

Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda teh kumaha ceuk tetelahan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu teh kulantaran indung-bapana urang Sunda, atawa dumeh cicing di tatar Sunda. Sok aya urang Sunda pribadi anu sigana era upama disebut urang Sunda ku batur teh da geuning upama aya nu nanya kieu:

"Kamu orang Sunda yah?"
Ari dijawabna teh " Bukan saya mah Orang Indonesia "

Eta jajawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumampi jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibedakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari "Bangsa" mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari "rayat (rakyat)" mah nuduhkeun kana cacahjiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab teh kieu: "Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia" - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah tea. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, diomean.


3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA

Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama jeung hirup huripna, campur gaul sapopoena dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yen tujuh turnanana oge terah Sunda asli. Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip sapopoena katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu Nyunda teh nyaeta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA pikeun alat komunikasina. - Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna

4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA

Ayeuna mah meureun nu disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin teh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda. Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW, nyieun kelompok/komunitas anu ekslusif, tara milu upacara agustusan jste.